Selasa, 31 Januari 2012

Pidato Bahasa Sunda

Assalamu’alaikum Wr. Wb. 


Puji sinareng sukur urang sami-sami sanggakeun ka Gusti Anu Maha Suci, anu parantos masihan mangpirang-pirang nikmat ka urang sadayana. Diantawisna nyaéta nikmat séhat anu karaos ku urang sadayana. Buktos nikmat séhat anu karaos nyaéta, dina danget ieu urang tiasa riung mungpulung, jonghok ngaroyok, ngaluuhan ieu acara kalayan daria. 

Parawangi sadayana, husus pihak kaluarga salon mempelai istri, sim kuring jauh-jauh dijugjug, anggang-anggang ditéang, sumping ka ieu tempat téh sanés tambuh laku teu puguh, tapi seja ngadugikeun pamaksadan pun anak Cép Dadang kanggo maheutkeun jangji pasini dua sasih katukang sareng tuang putra di dieu nyaéta Néng Imas dina hiji bengkeutan suci nyaéta rumah tangga Mugia Allah marengkeun. 



Tah, dina ieu waktos, sim kuring kawakilan ku ibu ramana Cép Dadang seja masrahkeun ieu pun anak anu sakieu buktosna. Hapunten anu kasuhun boh bilih kirang tata, kirang titina, kirang duduga peryogana, kirang harta jeung hartina, da mung sakitu kaayaanana. Sim kuring salaku ibu ramana ti danget ieu tos teu ngagaduhkeun deui. Mangga nyanggakeun ka Bapa rawuh Ibu, mugi ditampi ku kaweningan galih. Upami téa mah masih kénéh aya carékeun, hapunten, maklum masih kénéh atah dina perkawis pangalaman rumh tangga mah. 


Atuh salian ti éta, ieu aya sakedik cacandakan, henteu ari méwah mah mung alakadarna, mangga tampi ku kaweningan galih. Ieu mah mung tawis kabingah atawa tawis pamengkeut kadeudeuh pun anak kanggo pibojoeunana. 


Sakitu anu kapihatur. Sakali deui sim kuring neda dihapunten, boh bilih kasumpingan sim kuring sakulawargi seueur kakirangan, seueur kalepatan. Namung dina hate mah éstu niat anu baresih, mung Allah anu langkung uninga. 


Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

0 komentar: